Saha jalma anu sadar kana kalemahan dirina
maka bakal meunang pujian salawasna, jeung saha jalma anu ngaku
kakurangan dirina eta mangrupakeun bukti ditarimana amal ku Alloh.
Penjelasan
Hampir
sakabeh jalma hayang meunangkeun kasampurnaan sehingga meunangkeun
pujian ku kasampurnaanna. Salahsahiji cara sangkan meunangkeun pujian
salawasna kudu ngabiasakeun ihtisabunnafsi atawa ngitung-ngitung diri
(introspeksi diri). Loba eta ge jelma nu sok ngitung-ngitung diri, ngan
kalolobaan jelema ngitung diri teh ngitung kalewihan dirina, ngitung
kahadean dirina, anu dampak kadituna jadi ria takabur. Tapi nu dimaksud
ihtisabunnafsi didieu nyaeta nyaliksik diri, ngitung-ngitung diri naon
nu jadi kalemahan diri. Da yakin urang hirup salaku manusa teh La Haola
Wala Quwwata Illa Billah teu daya teu upaya, yakin jadi makhluk nu lemah
dina sagala hal. Dina tanaga, dina kagagahan teu ngalewihan maung,
gagah keneh maung.
Dimana-mana urang sadar yen diri teh lemah,
maka bakal nimbulkeun yakin yen ayana Dzat nu Maha Kuat. La Haola Wala
Quwwata Illa Billah, maka bakal yakin kana kuatna Alloh Subhanahu Wa
Ta’ala. Urang bakal sadar kieu dikieukeun, kitu dikitukeun. Jadi
dimana-mana urang ngarasa yen diri teh lemah.. (ibarat rokrak/ranting nu
euweuh hargaan, teu aya daya upaya), dimana rumasa lemah maka urang
bakal miharep ka Alloh. Sakumaha gedena daya upaya lamun tea mah Alloh
teu maparin kakuatan, da moal datang kakuatan. Jadi... sagala rupa nu
selain Alloh rek harta banda, jabatan eta teh leutik, euweuh nu
ngaleuwihan Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Antukna kadituna bakal ludeung,
da moal aya nu dipakasieun iwal ti Alloh.
Ngan dimana-mana diri
rumasana bragagah-bregegeh asa urang pangluhurna, urang pangkuatna, asa
urang panghareupna.. padahal ari manusa mah sakumaha gagahna aya nu
saluhureunnana, sakumaha beungharna aya nu leuwih beunghar. Jadi, ku
rumasa yen diri lemah, bakal madepkeun diri kanu Maha Kuat nyaeta Alloh
Subhanahu wa ta’ala, kadituna bakal nimbulkeun Taqorruban Ilalloh
ngadeukeutkeun diri ka Alloh.
Baca amal..!! amaliah sapopoe,
sholat ku sholatna, maca qur’an ku maca qur’anna, ngaji ku ngajina,
jeung sajabana. Da lamun tea mah ibadah khusu’, optimal, angger moal
matak nandingan kana pamere Alloh engke di surga. (Amin Ya Robbal
Alamin).
Lamun urang rumasa lemah mah, najan alus sholatna.. ternyata eta sholat teh moal bisa nandingan kana nikmat ganjaran di surga. Lain berarti teu ngajamin, da geus dijanjikeun ku Alloh ari ganjaran mah. Ngan antara ganjaran nu dipasikeun ku Alloh ka urang di surga, jeung amaliah sholat naha nandingan kira-kirana? Anu sholat fardu paling loba ngan ukur opat roka’at, ditambah qobliyah ba’diyah.. naha nandingan jeung pamere ti Alloh kanikmatan di surga? da teu nandingan. Jadi jelas.. sakumaha lobana amal urang, sakumaha gede amal urang, itu sangat-sangat lemah. Eta ka hiji..

Sajaba menyadari yen diri teh
lemah.. Kaduana bakal nimbulkeun rupa-rupa kakurangan ku akibat
kalemahan diri. Moal aya istilah sholat asa pangkhusu’na, ibadah asa
panggetolna. Sabab bakal kapanggih dina naon bae rupa ibadah, bakal aya
kakurangan-kakurangan. Eta kakurangan diakui ku diri, disanggakeun ka
Alloh, mugi Gusti ulah maparin bendu, najan amal ngan sakedik bahkan
jauh tina kasampurnaan. Da yakin nu mere sawarga teh lain amal, tapi
samata-mata pamasihan ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.
Mudah-mudahan dua rupa ieu sing kapimilik ku urang, sing jadi amaliah sapopoe, sehingga mudah-mudahan amaliah urang diqobul ku Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.
Mudah-mudahan dua rupa ieu sing kapimilik ku urang, sing jadi amaliah sapopoe, sehingga mudah-mudahan amaliah urang diqobul ku Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.
alhamdulillah kenging elmu enggal.
BalasHapus