Ari Alloh eta nu Maha Agung karuniana. Mahluk diciptakeun kalayan karunia Anjeunna. Masing-masing diciptakeun kalayan merenah jeung pantes. Langit, bumi, laut, gunung jeung sajabana, nyakitu deui termasuk urang sorangan. Tapi karunia Alloh nu paling utama pikeun urang nyaeta nalika Alloh ngajadikeun laku lampah hade di diri urang, sahingga urang jadi hamba anu to’at ka Alloh. Alloh ngalipat gandakeun balesan pikeun jalma anu to’at ka Alloh, surga diciptakeun pikeun pangbalikan anu to’at.
(Ku kituna) Jaga diri masing-masing, nalika meunang karunia/anugrah ti Alloh kudu bisa leuwih deuheus, deukeut ku jalan migawe amal, sabab lamun teu kitu mungkin wae Alloh nyabut kana karunia-Na.
Penjelasan
Alloh
teh nu ngagaduhan karunia, anu ngagaduhan kebaikan berbuat baik pikeun
mahluk. Sehingga sadaya mahluk nu diciptakeun ku Alloh boga kamanfaatan
jeung katingalina teh pantes tur merenah. Alloh ngadamel gunung timimiti
jadi fungsi paru-paru bumi, fungsi nyerap oksigen, berfungsi nahan
kadar cai, udarana sejuk, dipandangnna indah. Alloh ngadamel langit,
tipeuting baranang bentang jadi tontonan, datang purnama nambah
kaindahan wangwangan jalma. Nurunkeun cai, nyeborkeun rizqi. Cai turun
ti langit, tatangkalan jaradi, lauk garede. Alloh ngadamel laut,
ditingali indah bahkan menghibur, berfungsi menetralisir bakteri racun
limbah nu dihasilkeun ku manusa. Mangpirang-pirang manusa bisa
ngahirupan anak pamajikan, ladang tina ngala lauk di laut. Lamun di tata
ku urang sadaya, setiap mahluk nu diciptakeun ku Alloh eta pantres,
merenah, alus, fungsina hade, termasuk diri urang. Bahkan didauhkeun ku
Alloh dina surat Ath-Thin ayat 4 :
لَقَدْ خَلَقْنَا الْإِنسَانَ فِي أَحْسَنِ تَقْوِيمٍ (التّين :4)
"Saestuna Kami geus nyiptakeun manusa dina panghadena dedegan".
Bahkan
lamun urang ngitung nikmat jeung anugrah Alloh, moal matak bisa manggih
angka nu bisa nuliskeun anugrah Alloh nu dibikeun ka urang.
Tapi ternyata aya hal nu leuwih patut diperhatikeun jeung dihargai ku urang, nyaeta Alloh maparinkeun karunia-Na pikeun urang.
إِذَا أَرَادَ أَنْ يُظْهِرَ فَضْلَهُ عَلَيْكَ خَلَقَ وَنَسَبَ إِلَيْكَ (الحكم الجز الأول، ص: 93)
Dimana-mana Alloh rek ngadohirkeun karunia/anugrah-Na ka diri urang, maka Alloh maparin ka urang jadi pribadi nu to’at ka Anjeunna.
Ari
anugrah haqiqi ti Alloh lain sagala pangabutuh dicumponan, lain ku
pedah loba harta, lain jadi jalma nu boga pangawasa, tapi nu dimaksud
anugrah haqiqi ti Alloh pikeun urang nyaeta Alloh maparin pikeun urang
kamampuan bisa to’at ka Anjeunna. Tah eta hakekat dohirna karunia.
Lamun
nu dimaksud ku pamikiran urang yen karunia/anugrah teh boga kakawasaan,
boga sima, wibawa, naon bedana jeung ucing, ajag, maung nu biasa sok
nyirian daerah kakawasaan pikeun nyumponan kahayangna?. Lamun prinsip
hirup urang sebatas pikeun neangan harta, sandang pangan, kahirupan
dunia, naon bedana atuh urang jeung mahluk sejen?. Tapi nu dimaksud
karunia/anugrah nu berharga ti Alloh pikeun diri urang nyaeta Alloh
nyiptakeun urang bisa ibadah, bisa iman, bisa amal, bisa ihsan tah eta
karunia nu paling utama.
Datang waktu sholat, Alhamdulillah urang
dibere kesempatan pikeun ngalaksanakeun parentah Gusti, Aqiimusholat..
tah eta karunia/anugrah nu sabenerna. Ba’da sholat panggih deui jeung
Al-Qur’an, aya dorongan diri hayang tadarus, tuluy urang tadarus
Al-Qur’an, tah eta anugrah nu haqiqi. Nalika aya kabungah katarima ku
diri, tuluy diri urang mampu bersyukur ka Alloh, tah eta bisa syukur teh
fadhol/karunia nu haqiqi. Nalika datang musibah, oge diri ngarandapan
dina eta musibah, tuluy Alloh maparin katabahan kasabaran pikeun diri
urang, tah eta haqiqina fadlol Alloh.
Nu jadi masalah pikeun urang
nyaeta anugrah nu geus dibikeun ku Alloh ka diri urang, kumaha carana
sangkan eta anugrah teu leungit (dicabut ku Alloh) ti diri urang.
رَبَّنَا
لاَ تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِن لَّدُنكَ
رَحْمَةً إِنَّكَ أَنتَ الْوَهَّابُ (ال عمران : 8)
Lamun urang
yakin yen anugrah nu paling utama nyaeta diri bisa to’at, maka sing
inget.. kemampuan to’at hakekatna lain kemampuan diri, tapi mangrupakeun
anugrah ti Alloh. Hartina.. Alloh mere anugrah maka diri bakal bisa
to’at, Alloh teu mere anugrah maka diri moal bisa to’at.
Naon buktina?
خَتَمَ اللّهُ عَلَى قُلُوبِهمْ وَعَلَى سَمْعِهِمْ وَعَلَى أَبْصَارِهِمْ غِشَاوَةٌ وَلَهُمْ عَذَابٌ عظِيمٌ (البقرة : 7)
Ternyata
aya kelompok manusia nu didawuhkeun ku Alloh dina Al-qu’ran, bahwa
maranehannana keur teh teu bener, embung bener; keur teh salah, betah
dina salah. Tah eta teh خَتَمَ اللّهُ عَلَى قُلُوبِهمْ manusa model kitu
geus di cap ku Alloh teu bisa jeung teu mampu melakukan kebenaran. Dina
harti, aya kelompok manusa nu teu meunang anugrah haqiqi ti Alloh,
(Naudzubillah).
Disisi lain, nu jadi masalah nyaeta bahwa kaayaan
diri urang (manusa) teu leupas tina berbagai kemungkinan. Bisa nu tadina
to’at tuluy jadi leuwih to’at, oge mungkin wae nu tadina to’at dina
hiji waktu migawe maksiat, mungkin aya jalma tukang maksiat tuluy jadi
leuwih maksiat, mungkin deui aya jalma tukang maksiat tuluy jadi jalma
to’at.
Nah, nu kudu di khawatirkeun ku urang nyaeta anugrah nu
geus dipaparinkeun ku Alloh ka diri dicabut deui ku Anjeunna. Ulah nepi
ka kabiasaan cicing di masjid i’tikaf dicabut deui ku Alloh jadi teu
betah di masjid, ulah dugi ka kabiasaan diri sok ngalaksanakeun sholat
dicabut ku Alloh jadi beurat diri migawe sholat.
Nu kudu
dikhawatirkeun deui ku urang, nu tadina betah ridho jeung nikmat narima
naon rupa papasten/takdir nu dipaparinkeun ka diri dicabut ku Alloh,
jadi teu narima teu ridho kana papasten ti Anjeunna. Nu tadina babari
eling kana maot, gampang dzikir balik ka Alloh, tuluy jadi dicabut ku
Alloh poho kana maot, teu inget kana alam barzah, tah eta nu berbahaya.
Kudu jadi catatan dina hate, urang sarerea kudu boga rasa kekhawatiran,
kudu boga kapaur dina diri anugrah nu geus dipaparinkeun dicabut deui ku
Anjeunna.
Namun Alloh janji, nyakitu Rosul oge ngajanjikeun anugrah eta bakal tumetep dina diri nalika :
1. Salila diri muntang pageuh ngayakinkeun yen diri bisa amal, bisa iman eta teh paparin ti Alloh lain kemampuan diri,
لَاحَوْلَ وَلَاقُوَّةَ اِلَّا باِللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
2.
Salila diri nyekel pageuh kana anugrah nu dipaparinkeun ku Alloh SWT.
Kahade ulah wani-wani ninggalkeun kabiasaan alus, naudzubillah nepi ka
ngahaja tisoledat kana dosa. Jaga letah ulah nepi ka kaluar ucapan dosa,
jaga ceuli panon anggota badan ulah nepi ka murubut loba dosa, jaga
tekad ulah nepi ka musyrik ka Alloh, jaga hate ulah nepi ka digorogotan
ku maksiat hate (ujub, riya, takabur jeung sajabana).
Mudah-mudahan Alloh netepkeun ka urang jadi manusa nu istiqomah, Amin Ya Robbal Alamin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar