Minggu, 08 Februari 2015

Hikmah Ihtisaabunnafsi Dina Ibadah

Saha jalma anu sadar kana kalemahan dirina maka bakal meunang pujian salawasna, jeung saha jalma anu ngaku kakurangan dirina eta mangrupakeun bukti ditarimana amal ku Alloh.

Penjelasan

Hampir sakabeh jalma hayang meunangkeun kasampurnaan sehingga meunangkeun pujian ku kasampurnaanna. Salahsahiji cara sangkan meunangkeun pujian salawasna kudu ngabiasakeun ihtisabunnafsi atawa ngitung-ngitung diri (introspeksi diri). Loba eta ge jelma nu sok ngitung-ngitung diri, ngan kalolobaan jelema ngitung diri teh ngitung kalewihan dirina, ngitung kahadean dirina, anu dampak kadituna jadi ria takabur. Tapi nu dimaksud ihtisabunnafsi didieu nyaeta nyaliksik diri, ngitung-ngitung diri naon nu jadi kalemahan diri. Da yakin urang hirup salaku manusa teh La Haola Wala Quwwata Illa Billah teu daya teu upaya, yakin jadi makhluk nu lemah dina sagala hal. Dina tanaga, dina kagagahan teu ngalewihan maung, gagah keneh maung.
Dimana-mana urang sadar yen diri teh lemah, maka bakal nimbulkeun yakin yen ayana Dzat nu Maha Kuat. La Haola Wala Quwwata Illa Billah, maka bakal yakin kana kuatna Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Urang bakal sadar kieu dikieukeun, kitu dikitukeun. Jadi dimana-mana urang ngarasa yen diri teh lemah.. (ibarat rokrak/ranting nu euweuh hargaan, teu aya daya upaya), dimana rumasa lemah maka urang bakal miharep ka Alloh. Sakumaha gedena daya upaya lamun tea mah Alloh teu maparin kakuatan, da moal datang kakuatan. Jadi... sagala rupa nu selain Alloh rek harta banda, jabatan eta teh leutik, euweuh nu ngaleuwihan Alloh Subhanahu Wa Ta’ala. Antukna kadituna bakal ludeung, da moal aya nu dipakasieun iwal ti Alloh.
Ngan dimana-mana diri rumasana bragagah-bregegeh asa urang pangluhurna, urang pangkuatna, asa urang panghareupna.. padahal ari manusa mah sakumaha gagahna aya nu saluhureunnana, sakumaha beungharna aya nu leuwih beunghar. Jadi, ku rumasa yen diri lemah, bakal madepkeun diri kanu Maha Kuat nyaeta Alloh Subhanahu wa ta’ala, kadituna bakal nimbulkeun Taqorruban Ilalloh ngadeukeutkeun diri ka Alloh.
Baca amal..!! amaliah sapopoe, sholat ku sholatna, maca qur’an ku maca qur’anna, ngaji ku ngajina, jeung sajabana. Da lamun tea mah ibadah khusu’, optimal, angger moal matak nandingan kana pamere Alloh engke di surga. (Amin Ya Robbal Alamin).
Lamun urang rumasa lemah mah, najan alus sholatna.. ternyata eta sholat teh moal bisa nandingan kana nikmat ganjaran di surga. Lain berarti teu ngajamin, da geus dijanjikeun ku Alloh ari ganjaran mah. Ngan antara ganjaran nu dipasikeun ku Alloh ka urang di surga, jeung amaliah sholat naha nandingan kira-kirana? Anu sholat fardu paling loba ngan ukur opat roka’at, ditambah qobliyah ba’diyah.. naha nandingan jeung pamere ti Alloh kanikmatan di surga? da teu nandingan. Jadi jelas.. sakumaha lobana amal urang, sakumaha gede amal urang, itu sangat-sangat lemah. Eta ka hiji..
Sajaba menyadari yen diri teh lemah.. Kaduana bakal nimbulkeun rupa-rupa kakurangan ku akibat kalemahan diri. Moal aya istilah sholat asa pangkhusu’na, ibadah asa panggetolna. Sabab bakal kapanggih dina naon bae rupa ibadah, bakal aya kakurangan-kakurangan. Eta kakurangan diakui ku diri, disanggakeun ka Alloh, mugi Gusti ulah maparin bendu, najan amal ngan sakedik bahkan jauh tina kasampurnaan. Da yakin nu mere sawarga teh lain amal, tapi samata-mata pamasihan ti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.
Mudah-mudahan dua rupa ieu sing kapimilik ku urang, sing jadi amaliah sapopoe, sehingga mudah-mudahan amaliah urang diqobul ku Alloh Subhanahu Wa Ta’ala.

1 komentar: